Judul : sisi balong ngagoletak
Umurna sawelas taun kira-kira
Na tonggongna ku samping beureum
Kopeahna buludru beulel hanteu
cuplak
Kawas tibra sisi balong
ngagoletak
Irungna, biwirna, ramo-ramona
jeung dampal sukuna
Gelang karet dina pigeulangan
leungen kenca
Na sukuna aya patlot solobong awi
Deukeut kuciat buku-bukuna
pabalatak
Umurna sawelas taun kira-kira
Awakna sehat parangi marahmay
Calana sepe baju cele kotak-kotak
Ngan lebah igana, deudeuh
Bajuna rangsak
Taya nu nangenan kahalangan daun
taleus
Kawas ngimpi sisi balong
ngagoletak
Teu kadengeun manuk sapu noroweco
naregang tangkal harendong
Deukeut kuciat, deudeuh
Buku-bukuna pabalatak
Karya : Yus Rusyana
Tidak ada komentar:
Posting Komentar